Senin, 23 Desember 2013

" SISINDIRAN "

Saninten buah saninten, 
saninten diparapatan  
hapunten abdi hapunten hapunten 
tina sagala kalepatan. 



Ulah sok ngabotol limu, 
hayang mah cicikeun wae  
Ulah sok getol ngalamun, 
hayang mah kawinkeun wae. 



Tipeuting ngaji imriti, 
tibeurang ngaji yaqulu  
tipeuting ka impi-impi, 
tibeurang asa mimilu. 



Aya meuri dina rakit, 
boboko wadah bakatul 
lain nyeri ku panyakit, 
kabogoh direbut batur. 



Boboko ragrag ti imah 
ninggang kana pileuitan  
ulah sok bogoh ka semah, 
ari balik sok leungiteun. 



Parentul iwung paragpag nangka, 
aya benyeur tapianeun 
parentul irung paragpag mata, 
mawa beuteung eusianeun. 



Manuk ciung na pisitan, 
rambutan aratah keneh 
dicium ku nu kumisan, 
sabulan karasa keneh. 



Cikur liung jahe koneng, 
lampuyang pamura beuteung  
indung jangkung tua koneng, 
anakna burayut beuteung. 



Ketuk Tilu kendang dua, 
erloji diputer deui 
huntu tilu kari dua, 
nu hiji geus ungger deui.





Tidak ada komentar:

Posting Komentar