Senin, 23 Desember 2013

Pantun "NYINDIRAN NGAGOSIP"

Nuang muda mani ngeunah 
Cai enteh capna hansip 
Ibu-ibu ayena mah 
Karesepna teh ngagosip. 



Tutup limun tilas Fanta
Dieueut teh meni tiis 
Teu kaop mun jeung tatangga
Ngarumpi ngmongkn artis. 



Soreang nasi jeung kripik
Mahal keneh pecel lele 
Karunya si dewe persik 
Pasea jeung si juve . 



hoyong ngeunteung dina cai 
herangna kawanti wanti 
Teu jadi jeung si sahrini 
Anang kawin ka Ashanti. 



Mang mamat ngajual susu 
Nyeuri Pingping nyeuri betis 
Gara gara alamat palsu 
Ayu ting-ting jadi artis. 



Nyeuri taktak manggul batu 
Diurut ku nini-nini 
Nu botak bisa ngalagu 
eta teh si ahmad dani 



Aya becak di tungtun 
Rantena lesotan wae 
Abdi anu maca iyeu pantun 
Irungna mirip si sule. He .... heee ... heeee

Tidak ada komentar:

Posting Komentar